Selasa, 20 Januari 2015

0

Paribasa Paréntah (Pangjurung Laku Hadé)


Paribasa Paréntah (Pangjurung Laku Hadé)

Paribasa paréntah atawa paribasa pangjurung laku hadé nya éta titahan nu sipatna meungkeut atawa kudu diturut, sabab lamun teu diturut bakal aya sangsina. Paréntah di dieu sipatna ngajurung laku sangkan alus atawa hade. Contona:
·         Kudu ngukur ka kujur nimbang ka awak => kudu bisa nyaluyukeun diri jeung kayaan, ulah nahap-nahapkeun manéh.
·         Kudu bodo aléwoh =>  lamun urang teu nyaho atawa teu ngarti kudu daék tatanya.
·         Ari diarah supana kudu dijaga catangna => ari barang (banda) anu diala hasilna kudu daék ngurusna.
·         Kajeun panas tonggong, asal tiis beuteung => jelema getol digawé, sanajan capé ogé angger baé ngeureuyeuh, antukna meunang pangupa jiwa (buruh tina hasil gawéna).
·         Cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok => upama dileukeunan bari junun mah tangtu bisa.
·         Maot ulah manggih tungtung paéh ulah manggih béja => sing bener waktu keur hirup, ambéh henteu jadi omong batur upama geus maot.
·         Kudu tungkul ka jukut tanggah ka sadapan => kudu junun ari digawé, ulah kabéngbat ku nu lain-lain.
·         Landung kandungan laér aisan => gedé tinimbangan, adil wijaksana.
·         Sapi anut ka banténg => awéwé kudu ngawula ka salaki.
·         Ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salebak => layeut, runtut raut, sauyunan.
·         Mending kendor ngagémbol, tinimbang gancang pincang => ari digawé atawa nguruskeun perkara kudu tartib, ulah gurudas-garidus, supaya hasilna nyugemakeun.
·         Ka hareup ngala sajeujeuh ka tukang ngala saléngkah => hirupna ati-ati sarta make itungan.
·         Ngadék sacékna nilas saplasna => ngomongna satarabasna teu diréka-réka kajeun pait heula amis tungtung, manan amis heula pait tungtung, leuwih hade dicaritakeun nu banggana heula, ti batan dibitaan heula ku piuntungeunana, bisi ahirna kaduhung.
·         Kawas gula jeung peueut =>  layeut tara papaséaan.
·         Datang katénjo tarang unsure katénjo punduk => tatakrama nu amit-amitan, nembongkeun yén teu geuneuk teu maleukmeuk atawa teu sérong salingkuh.
·         Allah tara nanggeuy ti bongkokna => Allah moal mihak ka nu boga dosa.
·         Bobot pangyon timbang taraju => timbangan nu adil.

0 komentar:

Posting Komentar